Minggu, 16 Oktober 2016

Bogor Nu Urang

Tah di dinya, ku andika adegkeun eta dayeuh
laju ngaranan Bogor
sabab bogor teh hartina tunggul kawung

Ari tunggul kawung
emang ge euweuh hartina
euweuh soteh ceuk nu teu ngarti

Ari sababna, ngaran mudu Bogor
sabab bogor mah dijieun suluh teu daek hurung
teu melepes tapi ngelun
haseupna teu mahi dipake muput

Tapi amun dijieun tetengger
sanggup nungkulan windu
kuat milangan mangsa

Amun kadupak
matak borok nu ngadupakna
moalgeuwat cageur tah inyana

Amun katajong?
mantak bohak nu najongna
moal geuwat waras tah cokorna

Tapi, amun dijieun kekesed?
sing nyaraho
isukan jaga pageto
bakal harudang pating kodongkang
nu ngawarah si calutak

Tah kitu!
ngaranan ku andika eta dayeuh
Dayeuh Bogor!


[Pantun Pa Cilong]

Tidak ada komentar:

Posting Komentar